Senin, 02 Mei 2016

Guguritan

Guguritan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan.[1] Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan.[1] Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan, upamana guguritan kénging H. Hasan Mustapa(1852-1930) aya nu panjangna nepika 500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada, sabalikna réa wawacan anu ngan ukur saratus dua ratus pada.[1] Kitu deui aya deuih guguritan anu eusina mangrupa carita anu kayaning "Kiamat Leutik" kénging Toebagoes Djajadilaga atawa "Nu Alus Tetep Alusna" Kénging A. Kartawinata ( dimuat dina mingguan Parahiangan, 1930).[1]
Ari H. Moehamad Moesa nyebut dangdinganana WulangkramaWulang Guru, jeung Wulang Murid anu eusina naséhat tur panjangna masing-masing ngan ukur wewelasan jeung likuran pada téh, wawacan.[1] Jadi umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung kana kahayang nu nganggitna téh.[1] Nu panjang mahi sabukueun disebut wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut guguritan sanajan ngalalakon.[1] Sumberna ngan sacara lisan pada ngapalkeun atawa paling-paling diseténsil pikeun lingkungan husus.[1].
Wangun basa ugeran anu ditulis saluyu jeung aturan dangding, biasana mangrupa lirik anu ngalukiskeun perasaan penulisna, tapi loba ogé anu mangrupa naséhat atawa kisah.[2] Guguritan biasan ngan ukur tina sababaraha pada, sanajan Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna.[2] Jalma maca guguritan biasana dilagukeun anu disebut ngahariring nyaéta ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula, sedeengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun nyanyikeun lagu pupuh Asmarandana.[2] Dina masa saacan perang murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun sesuai jeung lagu pupuh, tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan biasana di nyanyikeun dina acara tertentu, misalna perpisahan sakola, peringatan hari besar, aya ogé dina surat menyurat.[2]
Kaparigelan nyieun guguritan dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna pinter nembangkeunana ogé.[2] Sabab dina masa sanggeus perang disakola-sakola Dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif,ku kituna guguritan leungit popularitasna, kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya.[2] Sanajan kitu guguritan kadang-kadang, di muat dina majalah atawa surat kabar.[2] Kumpulan guguritan anu munggaran, anyar terbit taun 1991, nyaéta Jamparing Hariring (Anak panah senandung)) Karya Dédi Widyagiri, sarta dituturkeun ku guguritan Munggah Haji ku Yus Rusyana (Bandung 1995), Ring-ring Ciawaking Wahyu Wibisana (Bandung 1999), jeung Jaladri Tingtrim ku Dyah Padmini

GUGURITAN…..
( dicutat tina Ulikan Sastra karangan DrsTaufik Faturohman )
(di serat ulang ku : M Sasmita)

Kecap Gurit asal tina basa Sangsekerta GRATH anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing.
Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda.
Istilahna :
- Pada
- Padalisan
- Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru Lagu.(dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)

1. Asmarandana, watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona :
Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal i / E-ling-e-ling-
ma-sing-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i)
rumingkang di bumi alam( 8 - a )
darma wawayangan bae ( 8 - e )
raga taya pangawasa ( 8 - a )
lamun kasasar lampah ( 7 - a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )
badan anu katempuhan ( 8 - a )

2. Balakbak, watekna pikaseurieun.
Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
Contona :
Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e).

3. Dangdanggula, watekna bungah atawa agung.
Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Contona:
Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )
ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )
ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi ngarunggunuk ( 7 - u )
lautna mah teu katingali ( 9 - i )
ukur lebah lebahna ( 7 - a )
semu semu biru ( 6 - u )
ari ret ka tebeh wetan ( 8 - a )
gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )
meh bae kapiuhan ( 7 - a )

4. Jurudemung, watekna kaduhung, atawa hanjakal.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan
Contona :
Badan nu katempuhan ( 8 - a )
da bongan ngalajur nafsu ( 8 - u )
peurihna kapanggih ( 6 - i )
rek bongan bongan ka saha ( 8 - a )
ayeuna bati kaduhung ( 8 - u )

5. Durma, watekna heuras atawa siap rek tarung.
Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona :
Mundur mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )
barisan beuki ipis ( 7 - i )
digempur Kurawa ( 6 - a )
Senapatina Karna ( 7 - a )
sakti manggulang mangguling ( 8 - i )
hese pantarna ( 5 - a )
moal aya nu nanding ( 7 - i )

 6. Gambuh, watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona :
Ngahuleng banget bingung ( 7 - u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )
panon poe geus rek surup ( 8 - u )
keueung sieun aya meong ( 8 - o )

7. Gurisa, watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
Unggal Pada di wangun ku dalapan Padalisan.
Contona :
Hayang teuing geura beurang ( 8 - a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )
nagih anu boga hutang (8 - a )
munmeunang rek meuli soang ( 8 - a )
tapi najan henteu meunang ( 8 - a )
teu rek buru buru mulang ( 8 - a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 - a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 - a)

 8. Kinanti, watekna miharep atawa prihatin.
Unggal Pada diwangun ku genep Padalisan.
Contona :
kembang ros ku matak lucu ( 8 - u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 - i )
henteu aya papadana ( 8 - a )
ratuning kembang sajati ( 8 - i )
papaes di patamanan ( 8 - a )
seungit manis ngadalingding ( 8 - i )

9.Ladrang, watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwnagun ku opat Padalisan.
Contona :
Aki Dartam leumpangna ngagidig ( 10 - i )
gancang pisan, gancang pisan ( 8 - a )
bari aya nu dijingjing ( 8 - i )
mawa kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )

10. Lambang, watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun iu opat Padalisan.
Contona :
Nawu kubang sisi tegal ( 8 - a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 - a )
atuh teu payu dijual ( 8 - a )
rek didahar da teu halal ( 8 - a )

11. Magatru, watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.
Unggal Pada diwangun ku lima Padalisan.
Contona :
Mun sumuhun ieu teh namina curuk ( 12 - u )
nu alit namina cingir ( 8 - i )
anu panjang mah jajangkung ( 8 - u )
gigireunana jariji ( 8 - i )
anu pangageungna jempol ( 8 - o )

12. Maskumambang, watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.
Unggal Pada diwangun kiu opat Padalisan.
Contona :
Jalma kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )
ulah ngarep senang ( 6 - a )
sabab mungguhing rejeki ( 8 - i )
tara datang teu disiar ( 8 - a )

13. Mijil, watekna sedih, susah atawa cilaka.
Unggal Pada diwangun ku genep Padalisan
Contona :
Beurang peuting tambah cape ati ( 10 - i )
jeung tambah rampohpoy ( 6 - o )
wungkul inget ka kabogoh wae( 10 - e )
mugi aya kadar panggih deui ( 10 - i )
mun teu panggih deui ( 6 - i )
anggur pondok umur ( 6 - u )

14. Pangkur, watekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun kutujuh Padalisan.
Contona :
Seja nyaba ngalalana ( 8 - a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 - u )
balik paman sadaya ( 7 - a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 - a )
" Aing ngaran Jayapati "( 8 - i )

15. Pucung, watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat Padalisan.
Contona :
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 - a )
tanda yen bagjana gede ( 8 - e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )

16. Sinom, watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan Padalisan.
Contona :
Di wetan fajar balebat ( 8 - a )
panon poe arek bijil ( 8 - i )
sinarna ruhay burahay ( 8 - a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 - i )
campur wungu saeutik ( 7 - i )
kaselapan semu biru ( 8 - u )
tanda Batara Surya ( 7 - a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 - a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )

17. Wirangrong, watekna era atawa wirang.
Unggal Pada diwangun ku genep Padalisan.
Contona :
Jalma nu resep ngaluis ( 8 - i )
lumrahna resep ngaleos ( 8 - o )
ngan pacuan resep ngusut ( 8 - u )
komo mun resep ngarujit ( 8 - i )
teu aya batan basajan ( 8 - a )
sagala sigar tengahan ( 8 - a )
Rengse diserat 17 rupi guguritan dina basasunda mangga nyanggakeun. Bilih aya nu peryogi Rajah bubuka tina pantun Ciung Wanara, engke kapayun urang seratkeun.Salam
M Sasmita
 
 



Tidak ada komentar:

Posting Komentar